Web portal kanggo jalan-jalan kanu umum

Yeuh, lamunan kuring – tos rada lami, tapi da mun dilamunan wungkul.  Mempeung masih inget keneh.

Hoyong kuring teh tiasa ngadamel portal web kanggo ngabantos anu bade jalan-jalan kanu kandaraan umum.  Pami tiasa mah integrasi jeung google map atanapi aplikasi GPS.

Janten, pami bade jalan-jalan ti rorompok bade ka alun-alun misalna – kedah ngangge naon wae angkot na lungsur dimana kedah mapah heula ka arah mana, mun tiasa mah sakantenan ongkos na sabarahaeun – sadayana tiasa disimulasikeun heula dina portal ieu janten tiasa aya informasi anu detil perkawis perjalanana.  Janten pan moal bingung atanapi wegah dina bade ngange angkutan umum. Malah pami tiasa mah tiasa masihan saran mana cara anu paling mirah, kakiranganana naon, kirang langkung sabaraha menit/jam biasana perjalanana teh jeung sajabana.

Tos kabayang database na kedah kumaha, aya etangan ‘junction proximity’ na antara jalur angkutan umum.  Aya database lengkep pangkalan ojeg jeung beca sagala rupi.  Janten tiasa diitung detail sareng didamel suggestions (aah hese basa sunda na euy pabaliut, hapunten lur!) kemungkinan-kemungkinan jalur perjalanana.

Mung dasar da sanes jalmi pinter janten mung bisa ngalamun wae.

Ah sugan we hiji mangsa mah aya anu tiasa ngadamel nu kawas kieu.  Hayu atuh urang Bandung urang ngadamel nu kieu, ku abah didu’a keun sing hasil!

Da bisana

Heuheuy deudeuh, nepi ka dina blog oge sim kuring mah bisana ngan ngalamun.

Keun bae ah, da ngalamun mah teu mayar ieu.  Teu kudu ngisian pormulir ongkoh.  Moal atuh nya meureunan ditewak ku pedah ngalamun tarik teuing.

Sugan we ku diserat kieu mah ngalamun teh bisa jadi aya mangpaat na.

Mangga atuh lajengkeun urang ngalamun deuih!

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.